Karya Ilmiah
BUBUKA
Assalamua’laikum Wr. Wb.
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahankatelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Assalamua’laikum Wr. Wb.
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahankatelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillahhirrahman
nirahim
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .
Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku ____________________________
Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).
PANAMPIAN
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser
daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget
sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang
carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak
calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.
(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).
AKAD NIKAH
Para
wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng_____________cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka luar).
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Tikah...........................................................
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.
Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka pangersa_____________________)
DO’A
Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan.
Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah
Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.
. PEMBAWA ACARA: LUTFIA FITRI INSANI
THOLA’AL BADRU ALAINA, MINSANI YATIL WAHDA, WAJABAS SYUKRU ALAINA, MADA’AL
LILLAHIDA. AYYUHAL MAB’US SYUFINA,JI’TAMIL AMRIL MUHTOOOOO. PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih,
tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate
perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping
kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
Assalamua’laikum Wr. Wb. Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami
llinggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah
calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy
ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka
carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka
jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara
bade dikawitan. Langse panyana hate ayeuna urang singraikeun, gesan mapak
balebat di Beulah wetan, rek balayar tarik jangkar mapak jalan nu ngembat taya
simpangan, namung memeh kebat nya lumampah, ranggeuyan acara urang sebatan. Nu
ka hiji bubuka, eusina: maos ayat suci al-qur’an Nu ka dua seren bakal
panganten ditema ku panampian. Nu ka tilu akad nikah disusul ku hormat sungkem.
Nu ka opat piwuruk awuran sepuh. Nu ka lima manjatkeun du’a, minangka pamungkas
acara.
2. PANGANTEUR
BUBUKA Nyukcruk jalur sunah rosul, pedah aya mapag anu diseja, nu dipilar
maksad hasil, tong petot urang tawakal, lumrah dimana-mana keur sakumna umat
islam dimana rek milampah hade, sok ngaoskeun basmallah. Sumangga urang rampak
sasarengan ngaoskeun ayat basmallah ; Bismillahirohmanirrohim 1. NGAOSKEUN AYAT
SUCI AL-QUR’AN Bisi leumpang pareng sabab meun balayar pareng katambias rampang
reumpeung poekeun jalan sorangan,sangkan maneh jadi caang, guligah ku ka tentreman
kalayan maksad ibadah, sumangga urg samisami dangukeun aosan ayat suci al-quran
anu bade di aoskeun ku :
DU’A
NIKAH PANUTUP Bapa-bapa, ibu-ibu miwah para wargi hormateun simkuring, rupina
rundayan acara timunggaran dugi ka akhir parantos rengse di pedar kalayan aya
dina kalancaran , simkuring bari samit mundur amit mungkur , hapunten anu
kasuhun bilih aya basa nu teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur
bahecarek, rumaos sanes ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas
kumaos hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirrobilalamin. Haturnuhun,
wassalaualaikumwr.wb
Komentar
Posting Komentar